Naluntik limbangan jaman doeloe

Nilik sajarah Balubur limbangan atawa BL Limbangan ari urang limbangan mah nyebat na teh anu ngarupikeun nami hiji kacamatan di Kabupaten Garut. Kacamatan limbangan ieu dina perjalanan babad limbangan Kabupaten Garut ngagaduhan tempat anu istimewa pisan, soalna Balubur Limbangan anu sakitu lami dijantenkeun ibukota kabupaten sateuacan na ngalih ka Garut. Janten tiasa disebatkeun yen BL Limbangan teh ngarupikeun cikal bakal bakal Kabupaten garut anu ayeuna.

Istilah balubur teh sapertos anu disebatkeun dina Ensiklopedi Kabudayaan Sunda, anu ngarujuk kana daerah pamukiman para nonoman kabupaten di jaman kapungkur. Anu sarupi sareng Istimewa anu panghunina terdiri tina para menak sareng pajabat pamarentah anu lainna. Balubur Limbangan anu hartosna daerah Istimewa para panguasa Kabupaten Limabangan tempat lalinggihna.

Sapertos anu kacatet dina sajarah, limbangan awalna mah bagian ti wilayah karajaan sunda. Ngan ari versina anu lain mah disebatkeun yen Limbangan teh tos jadi daerah Otonom nalika karajaan sunda kabagi kana (2) dua, nyaeta Galuh sareng Sunda, Basa harita mah saurna namina masih Rumenggong (anu konon asal tina kata “Rumenggang” atawa “renggang”, kusabab aya diantara Galuh sareng sunda) jeung panguasana di kenal sebagai Sunan rumenggong. Ngan sa’atos na Karajaan Sunda runtuh , wilayah ieu teh aya di handap kakuasaan daerah lainna, anu diantarana kantos janten wilayah kakuasaan Sumedang Larang.

Kacaritakeun dina tanggal 24 Maret 1706 teh Limbangan anu dina awalna ngan mangrupakeun hiji distrik di bawah Kabupaten Sumedang, ku VOC (Verenigde Oost Indiche Compagne – Kongsi Dagang Belanda ) anu statusna di balikeun deui jadi kabupaten anu mandiri anu mangrupikeun Rangga Mertasinga salalu bupatina. Ampir kana sa’abad lamina Limbangan jadi kabupaten tepika tanggal 2 Maret 1811, Gubernur Jendral Daendeles, panguasa anu paling luhur di pamarentahan colonial Walanda ngabubarkeun Kabupaten Limbangan kusabab alasan-alasan ekonomis. Wilayah Kabupaten Limbangan saterasna dibagi-bagi jeung jadi bagian wilayah kabupaten lain.

Ngan basa inggris ngakuasai Jawa, Gubernur Jendral Raffles anu ngawakilan kakuasaan Inggris, dina tanggal 16 Februari 1813 ngabalikkeun deui status Limbangan jadi kabupaten di Karesidenan Priangan, ku ngangkatna Tumenggung Adiwidjaja salaku Bupatina. Ngan ibukotana anu awalna di Balubur Limbangan teh dipindahkeun ka distrik Suci, anu saterusna dipindahkeun deui ka Kota Garut dugi ka ayeuna. Ti saprak harita Balubur Limbangan jadi narikolot. Tepika ayeuna Balubur Limbangan teh ngan saukur jadi kecamatan anu bagian ti wilayah Kabupaten Garut.

Aduh reueus pisan nya salaku warga limbangan ternyata gening limbangan teh gaduh sejarah anu sakitu ageung na, komo tambah reueus pami dugi ka ayeuna masih janten keneh Kabupaten, padahal upami ditingali sacara geografis mah limbangan mah sae pisan janten ibukota atanapi Kabupaten limbangan soalna letakna strategis pisan aya dina jalur selatan jawa he he he….

Rujukan : Ensiklopedi Kabudayaan Sunda